Ngarasa ngalanglayung nyaba
ka lembur sorangan, lembur kuring nu dilingkung ku gunung…
Lembur kuring nu hejo
ngemploh, hawa tiris tumaninah
Lembur kuring tempat
kuring pangbalikan, kuring dina pangumbaraan
Mancen tugas di lembur
sejen, kuring lain rek balik, ngan ukur nganjang….
Garut, kunaon silaing
teh bet pikabetaheun teuing…
Sakitu kotana
pasiksak, jalana barolong, tangkalna loba dituaran…
Kuring genah gogoleran
di teras masjid Agung saeunggeus ngalaksanakeun 5 kawajiban…
Kuring teu bosen indit
peuting ka Ceplak neangan nu pikawaregeun jeung babaturan…
Kaayaan nu euweuh
panggantina….
Garut, naha bet pikangeunaheun
cicing…
Hayang ngojay rek di
Cipanas atawa di Darajat nu matak waas….
Rek ulin ka kawah
Papandayan atawa Talaga Bodas…
Rek ulin ka laut
Pameungpeuk atawa Rancabuaya…
Rek rarakitan di Situ
Bagendit atawa di Situ Cangkuang….
Garut pangbalikan
kuring…
Hampura kuring teu
bisa ngawangun lembur sorangan
Di dunia pendidikan
kuring kudu loyal di lembur batur…
Kuring teu bisa
ngejat, Gusti nu Maha Kawasa mere pancen ka kuring supaya tugas di lembur batur…
Sagala ge aya hikmahna…
Garut nu dipikanineung…
Kuring moal eleh
geleng rek mere kontribusi ka Garut nu dipikacinta
Cenah Garut mah eleh
maju dibanding kabupaten lain
Jang kuring mah eta
hiji pancen yen kuring kudu boga hiji bukti ngaronjatkeun pendidikan di lembur
sorangan…
Kuring moal poho ka
lembur sorangan…
ceuk urang Garut di Kampung Rambutan mah, urang sarerea… Asgar hehehehe
0 komen:
Posting Komentar
Komentar boleh bebas namun sopan..